Aksara Jeung Basa Sunda
Bismillahirrahmainrrahim,Babaturan sadaya, terang teu kumaha tulisan sunda ? Mun, teu terang berarti sami berarti sareng sim kuring. Kaleresan sim kuring ge teu tiasa nulis sunda. Yeuh abdi gaduh gambarna upami hoyong terang mah :
Upami hoyong terang langkung kana tulisan sunda tiasa ningali ka situs su.wikipedia.org. Kaleresan bahasana ge bahasa sunda. Sok lah urang dialajar tulisan sunda, moal enya urang sunda teu tiasa tulisan sunda (eh, tapi wios ketang da tulisanna ge tos digentos ti jaman baheula ku tulisan latin sareng teu diajarkeun ku kolot kolot baheula ge).
Saatos ngabahas tulisan sunda, ayeuna urang ngabahas basa sunda. Ari nurutkeun sim kurink mah, asa kabibina upami aya urang sunda nu teu tiasaeun ngomong sunda. Era, moal enya tos teu apal tulisan sunda teh, teu apal oge basana. Jeung deui, seueur pisan urang non-sunda oge anu tisaan basa sunda.
Ngan ukur sakieu wae panginten, kirang langkungna mah hampura, kumargi sim kuring teh jalmi, sok sakapeung-kapeung leres, sakapeung-kapeung salah. Wassalam
Hayu Baraya sunda Urang Ngamumule Basa sareng Tulisan Urang (Basa sareng Tulisan Sunda), Nya Saha Deui Anu Bakal Ngamumule Basa sareng Tulisan Sunda, Mun Sanes Urang Mah.
Langganan:
Posting Komentar
(
Atom
)

Tidak ada komentar :
Posting Komentar